Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatu. Wilujeng tepang sareng abdi. Nami abdi Yusuf Hidayat, padumukan di Kawali, Ciamis, Jawa Kulon. Ayeuna abdi nuju nganggo basa Sunda. Basa Sunda téh kaétana kana rumpun basa Austronesia. Basa Sunda panyaturna kasebar di sababaraha daérah, anu lian ti di Jawa Kulon nyaéta di Lampung aya, di Banten, teras di Jawa Tengah palih kulon. Nah, dina basa Sunda téh aya sababaraha dialék nyaéta dialék kulon anu dianggona di daérah Lampung sareng Banten. Jadi, lamun basa Sunda dialék kulon mah kaitungna masih kénéh caket sareng basa Sunda heubeul. Jadi, basa Sunda-na téh can kapangarukan ku basa Jawa. Kan lamun di daérah pasundaan nu sanés mah tos mulai aya nu kapangarukan ku basa Jawa da mun baréto mah siga dikuasai ku Mataram anu ti Jawa Teras nya muhun Basa Sunda gé ngagaduhan sistem aksarana, nyalira éta anu ayeuna dianggo téh gubahan tina Basa Sunda heubeul. Nah, Basa Sunda heubeul ogé mun dirunut mah tiasa aya kapendak ti hubungana teh jeung Basa- Aksara Pallawa ti India Kidul Nah. Naha bisa sumebar ka tatar Pasundan? Nyaeta pedah tadina bareng jeung sumebarna agama hindu ka Pasundaan. Teras, ayeuna aya sababaraha. Cuman anu di hareupan ku Basa Sunda nyaeta