Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatu. Wilujeng tepang sareng abdi.
Nami abdi Yusuf Hidayat,
padumukan di Kawali, Ciamis, Jawa Kulon.
Ayeuna abdi nuju nganggo basa Sunda.
Basa Sunda téh kaétana kana rumpun
basa Austronesia.
Basa Sunda panyaturna kasebar di sababaraha
daérah, anu lian ti di Jawa Kulon nyaéta
di Lampung aya,
di Banten,
teras di Jawa Tengah palih kulon.
Nah, dina basa Sunda téh aya sababaraha dialék
nyaéta dialék kulon anu dianggona di daérah
Lampung sareng Banten.
Jadi, lamun basa Sunda dialék kulon mah kaitungna
masih kénéh caket sareng basa Sunda heubeul.
Jadi, basa Sunda-na téh can kapangarukan ku basa Jawa.
Kan lamun di daérah
pasundaan nu sanés mah tos mulai aya nu
kapangarukan ku basa Jawa
da mun baréto mah siga dikuasai ku Mataram anu ti Jawa
Teras nya muhun Basa Sunda gé ngagaduhan sistem aksarana, nyalira éta
anu ayeuna dianggo téh gubahan tina Basa Sunda heubeul.
Nah, Basa Sunda heubeul ogé mun dirunut mah
tiasa aya kapendak ti hubungana teh jeung Basa- Aksara Pallawa
ti India Kidul
Nah. Naha bisa sumebar ka tatar Pasundan?
Nyaeta pedah tadina bareng jeung sumebarna agama hindu ka Pasundaan.
Teras, ayeuna aya sababaraha. Cuman anu di hareupan ku Basa Sunda nyaeta